CARITA MISTERY
SAMBER NYAWA. Carita Misteri : Andang S. Argayuda Di hiji imah panggung anu nenggang, anu pernahna di mumunggang gunung da é rah pakidulan. Saurang dukun papak é an singsarwa hideung bari mak é iket julat-jalitrong, keur nyanghareupan parukuyan anu burahay ku ruhak, saamparan sasaj é n rupaning dahareun anu aralus ngaj é j é r dina nyiru. M é m é h murulukeun menyan kana parukuyan, é ta dukun t é h tumanya ka saurang lalaki ngora anu aya gigireunnana, anu ti tadi gaw é na ukur sila bari ngeluk siga loba anu dipikir. “Ujang, saha ngaran manusa anu rek diarah patina t é h ?. Cingsebutkeun sakali deui katarik”. Horeng é ta dukun t é h tukang teluh anu geus kakoncara kana kabisana, é lmuna wacis saciduh metu saucap nyata. Mun diitung mah geus aya kana puluhna jalma anu dipergasa ku é lmu teluhna. “Eu..., Si Kadri Abah. Urang Lembur Babakan Bugel sisi Cijolang”. Lalaki ngora anu ditanya ku dukun ngab é jakeun hiji ngaran, ngaran anu ku man é hna dipikaijid mangta...