CARITA MISTERY


SAMBER NYAWA.
Carita Misteri : Andang S. Argayuda

Di hiji imah panggung anu nenggang, anu pernahna di mumunggang gunung daérah pakidulan. Saurang dukun papakéan singsarwa hideung bari maké iket julat-jalitrong, keur nyanghareupan parukuyan anu burahay ku ruhak, saamparan sasajén rupaning dahareun anu aralus ngajéjér dina nyiru. 

Méméh murulukeun menyan kana parukuyan, éta dukun téh tumanya ka saurang lalaki ngora anu aya gigireunnana, anu ti tadi gawéna ukur sila bari ngeluk siga loba anu dipikir.

“Ujang, saha ngaran manusa anu rek diarah patina téh ?. Cingsebutkeun sakali deui katarik”. Horeng éta dukun téh tukang teluh anu geus kakoncara kana kabisana, élmuna wacis saciduh metu saucap nyata. Mun diitung mah geus aya kana puluhna jalma anu dipergasa ku élmu teluhna.

“Eu..., Si Kadri Abah. Urang Lembur Babakan Bugel sisi Cijolang”. Lalaki ngora anu ditanya ku dukun ngabéjakeun hiji ngaran, ngaran anu ku manéhna dipikaijid mangtaun-taun sabab geus kumawani ngawin awéwé anu dipikabogoh ku manéhna. Nyeri dibayar nyeri, lara dibayar pati, kitu nu aya dina pikir éta lalaki ngora anu sabenerna mah masih batur salembur jeung anu rek ditandasana téh. Dasar manusa anu pecat iman, haté jeung pikirna geus kalimpudan hawa idazil laknatulloh. Leungit kamanusaannana.

“Sanggup Anjeun nanggung cilaka dorakana, Ujang ?”. Bah dukun tumanya deui dabarung paneuteup anu seukeut, siga hayangeun sidik kana patékadan sémahna anu ménta pangneluhkeun Si Kadri urang Babakan Bugel téa.

“Sanggup Bah, Kuring tanggung jawab kana naon anu dilakukeun ayeuna”. Teu mangmang deui, teu aya rasa kamanusaan deui. Jiwa pangawasana geus ngagibleg ku getih jurig teluh. Lat poho ditemah wadi, asa aing pangkawasana. Tékadna geus buleud, moal suka rasaning ati lamun can nempo anu dupikaijidna ngagolér guyang getih. Tekad anu mangprung ngaberung kabawa haréwos iblis.

Sanggeus meunang jawaban ti sémahna Bah Dukun kunyam-kunyem bari murulukeun menyan hideung kana parukuyan anu beuki burahay. Peledek haseup menyan ngelun minuhan saungna anu teu sabarah lega. Set Abah dukun nyabut sabukna, pluk dikana baskomkeun anu dieusi ku cai hérang jeung kembang tujuh rupa. Gerencem Bah Dukun mapatkeun aji pangawasana, nyambat-nyambat jin ifrit anu sakti mandraguna. Jin hideung anu salawasna néangan cara pikeun nyilakakeun manusa.

Riyeg, saung Bah Dukun siga anu dioyagkeun lini. Séoooor...angin ngadadak ngaguruh tarik, tatangkalan pating pelenoy. Cungunguuuuung.....sora anjing babaung ti beulah tungtung lembur patembalan jeung sit uncuing anu jumerit dina suhunan, burinyaaay tina baskom aya cahaya anu moronyoy, saterusna ngajorélat nembus lalangit. Reup alam sabudeureun ngadadak angkeub mendung, cungunguuuung anjing kadéngé babaung deui beuki melung.

Burinyay...burinyay di awang-awang aya anu kokolébatan burahay siga seuneu, wujudna mah teu beda jeung oray nembus poékna peuting nu beuki maleukmeuk ku méga hideung. Alam beuki jempling, hawa karasana beuki matak keueung, sora-sora aranéh ngagerenggeng di langit nu beuki mebleng. Anu buburinyayan siga seuneu antukna ngageblus kana méga hideung teu katémbong deui.

Kacatur di lembur Babakan Bugel, peuting harita pangeusi lembur lir anu keuna ku sirep geus ngarampih ti soré kénéh. Hawa karasana nyecep tiis, sabudeureun lembur ngadadak geueuman pikakeueungeun. Harita Si Kadri keur kacah-kicih di jero imahna teu puguh anu dipiigawé, hawa nu ku batur karasana tiris justru ku Si Kadri mah karasaana hareudang bayeungyang, jajantungna patingsareblak teu pupuguh. Sakapeung ka cai ngadon cingogo dina closét da rarasaanna mah asa hayang ngising tapi palias teu aya anu kaluar.

Kaluar ti jamban Si Kadri ngaleguk cikopi sésa tadi soré anu can diérépkeun, terus upuy-apay néangan dahareun tamba teu genah rarasaan. Pamajikanna mah geus tibra ti wanci isa kénéh, nyebutna mah teu énak rarasaan. Anakna sarua geus kérék di enggon séjén.

Reup langit luhureun Lengkob Cijolang ngadadak angkeub hideung, kingkilaban ngadadak patingburinyay ti tungtung langit beulah kidul. Keur dina kaayaan kitu, cungunguuung...cungungung sora anjing babaung teu jauh ti imahna Si Kadri, riyeg imahna ujug-ujug ginggeung siga aya lini anu rongkah. Burinyay di luhureun suhunan imahna siga aya anu hurung, kumolébat dibarung kingkilaban ti langit beulah tungtung kidul.

Basa Si Kadri ngojéngkang muru enggonna, anu maksudna mah rék ngaguyahkeun pamajikannana pédah aya lini anu kacida rongkahna, ujug-ujug jorélat geblus tina lalangit imahna aya anu ngolébat langsung nembus embun-embunan Si Kadri. Gibeg waruga Si Kadri oyag terus sasampoyongan, beuteungna ngadadak murilit asa aya anu ngésétan.

"Tuluuuuuuung". Si Kadri kocéak dengék, saterusna adug songkol dina ubin. Les kapiuhan.
Kocéak dengékna Si Kadri ngalilirkeun nu keur tibra, pamajikannana ngoréjat hudang muru sora nu ngajerit, kasampakan Si Kadri anu jadi salakina keur kokosodan dina ubin bari guyang getih.Tina sungutna Si Kadri ngaley geutih beureum lalambaran, awakna nangkarak bengkang teu walakaya.

“Kang Kadri ..... !”. Jerit pamajikan Si Kadri jumerit maratan langit, gabrug anu guyang getih dirangkul terus disangkeh pundukna. Tapi Si Kadri teu usik-usik, awakna leuleus lir kapuk kaibunan siga kapas kahujana, ngalopék teu walakaya.

Teu pati lila tatanggana patingburudul muru ka imahna Si Kadri, jumeritna Nyi Onah pamajikan Si Kadri meulah simpéna peuting ngalilirkeun jalma-jalma nu keur tibra. Tapi barang srog ka jero imahna Si Kadri, kabéh ogé pada olohok ngembang kadu. Si Kadri anu tadi beurang kacah-kicih digawé jeung maranéhna kasampak keur disangkéh ku pamajikannana bari dina kaayaan guyang getih.

“Sawareh téang mantri di Kembang Lopang, sawaréh deui teang Olot Pura di Bantardéngdéng”. Kokolot éta lembuh cuh-cih ngatur jalma anu araya di dinya, bari sirahna teu eureun gogodeg banget ku teu ngarti kana kaayaan Si Kadri. Tapi jiwa kakolotannana seukeut, manéhna curiga yén ieu Si Kadri téh aya nu neluh. Taya deui anu jadi harepan iwal ti Olot Pura, hiji kolot anu geus kakoncara wewesen kajawaraannana jeung élmu kabatinannana.

Basa mantri datang Si Kadri kasampak geus pias kanyos, lila teuing ngaluar-luarkeun getih bari teu aya anu nulungan. Ngaran dipilemburan jaman harita, patalimarga téh ukur ku leumpang. Jadi datangna mantri kasehatan téh méakeun waktu anu kacida lilana. Ceg mantri téh nyekel pigeulang Si Kadri, godeg sirahna gogodeg, cek kana statoscope terus dikana dada Si Kadrikeun, godeg deui tah bapa mantri téh.

“Moal bisa katulungan geus eureun endag jantungna, hampura Kuring teu bisa majar kumaha”. Mantri urang Kembang Lopang téh boboléh, da atuh ceuk saréatna deuk dikumaha deui da ti méméh mantri datang ogé geus ngulahék teu bisa budi deui.

Barang ngareungeu kecap-kecapna mantri sarupa kitu, pamajikan Si Kadri ngajerit terus ngarumpuyuk kapiuhan. Anakna anu ngan hiji-hijina ngabingingik bari ngagibeg-gibeg awak bapana, najan pada ngupa-ngapéh budak teu eureun tina ceurikna. Ku kituna mah tuda geus ideng budak téh, geu nyaho di indung bapa.

Dina keur kayaan anu kacida matak tunggarana, ujug-ujug jol anu disebut Olot Pura dibarengan anu néangna. Teu loba carita Olot Pura langsung nyabak nu gering lebah pigeulangna, reup peureum biwirna kunyam-kunyem mapatkeun élmu panemuna. Gideug sirahna gogodeg bangun anu kacida hanjeluna. Bray mukakeun panonna terus ngucap ka sakur anu araya di dinya.

“Cilaka barudak, ieu Jang Kadri keuna ku teluh samber nyawa. Cik ménta cai hérang diuyahan dina baskom leutik, susuganan masih bisa ditulungan. Bari pangmeuleumkeun menyan sasentik mah dina naon we, di hawu oge teu nanaon asal kaambeu bauna we Kula rek mapatkeun élmu méh husu”. Olot Pura panjang lebar cumarita, kalayan sanggeus diasongan baskom anu eusina cai hérang diuyahan tur kaambeu bau menyan, prak sila menekung husu nakeran.

Reup Olot Pura meureumkeun panonna, biwirna kunyam-kunyem mapatkeun sagala kamampu dirina. Burinyay tina embun-embunannana aya cahaya biru laju nyirorot ngageblus kana waruga anu keur ngalungsar teu aya daya, kerejet nu ti tadi teu usik teu malik téh ngadadak ngerejet. Jegoh batuk tarik, buricak tina sungutna Si Kadri aya anu bijil muru lalangit laju ngiles dina poékna peuting, Si Kadri humaregung siga nahan kanyeri anu pohara. Tapi ku kayaan kitu nétélakeun Si Kadri hirup deui.

Kacaturkeun di imah dukun teluh téa, abah dukun jeung semahna keur suka bungah sabab cai baskom anu disanghareupannana robah jadi getih. Tandana pagawéan manéhna geus hasil, anu diteluhna pasti geus maot.

“Tah Ujang cai baskom geus robah jadi getih beureum, tandaning anu diteluh téh geus guyang getih kapidara sapisan. Ayeuna kadieukeun jangji anjeun anu cenah rék méré pamulang tarima téa”. Bah Dukun mastikeun yaén SI Kadri anu diteluhna geus kari banusan guyang getih.

Karék gé anggeus ngucap, kana baskom ujug-ujug aya nu ngecebuk, barang ditempo ku Bah Dukun horéng pusaka anu dipaké neluh téa geus balik deui. Tapi cai baskom ujug-ujug mancawura keuna kana beungeutna Bah Dukun.

“Toooobaaaaaaat...panaaaaaaas”. Bah Dukun kocéak dengék sabab beungeutna lir anu dibanjur cai ngagolak, beungeutna langsung molotok barareuh.

Nempo kaayaan kitu semah anu ménta pangneluhkeu Si Kadri langsung kabur sieuneun, manéhna teu luak-lieuk deui lumpat sakalumpat-lampét muru jalan anu teu pati jauh ti imah Bah Duku. Tapi tariking nasib, basa manéhna lumpat meuntas jalan kabeneran aya mobil keur ngebut deukeut pisan. Nya teu bisa singkahan deui awakna lir anu disamber ku makal maot, gubra waruga nu nu tas nyieun dosa téh ngagubra di tengah jalan guyang getih. Nempo kitu mah supir langsung ngabiur kabur duka teuing kamana.

Lalaki ngora nu keur burahay ku napsu angkara, manusa anu geus téga mergasa ku teluh samber nyawa, antukna ngajoprak di tengah jalan bari guyang getih teu hudang deui. Beda jeung kaayaan Si Kadri, anu tadina guyang getih téh sanggeus ku Olot Pura dibanjur ku cai herang anu diuyahan téa ngadadak bisaeun hudang deui.***

                                                                                              Tutugan Gunung Pataka.





Komentar